Contoh Naskah Drama Sunda

Naskah drama bahasa Sunda akan coba kita bahas pada kesempatan kali ini. Teks drama dalam bahasa Sunda memang sering menjadi pencarian banyak orang, dan dalam hal ini mungkin termasuk Anda.

Bagi Anda yang memang sedang membutuhkan referensi contoh naskah dialog drama yang ditulis dalam bahasa Sunda, contoh naskah drama bahasa Sunda berukut ini mungkin bisa Anda jadikan sebagai materi pembelajaran.

CONTOH NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA


SASAKALA SITU BAGENDIT

(Naskah Drama)

Kacaritakeun di hiji desa anu leutik. Aya hiji awewe anu katelahna Nyi Nendita, manehna teh keur mondar-mandir di buruan lantaran bingungeun ku kakayaana anu sakitu lobana. Kumaha carana meakeun harta bandana anu sakitu lobana, padahal disagedengeun imahna loba tatanggana anu kalaparana, tapi manehna teu haying nyaho saeutik-eutik acan.

Babak I

Nyi Nendita        :Aduh mani bararingung teuingnya hirup téh! nya malumlah ari jadi jalma pangbeungharna di lembur mah, lamun ceuk paribasana téa mah éstuning bru di juru bro di panto ngalalayah di tengah imah! sawah satungtung deuleu, aprtement papencar dimamana! Pokona mah, bingung euy méakeun duit téh!!!

éh ké..ké ari si Papih geus balik acan nya ti London? Da rarasaan mah poe ayeuna balikna the!

Papih               : Assalamu’alaikum Wr. Wb.……..,mamih….mamih….! Papih geus mulang yeuh!! buruan ah, geura siapkeun cai panas ka si Zijach, keur papih mandi! maklum, AC di mobil ruksak yeuh!!

Nyi Nendita        : Zijach…Zijach….!!

Zijach                  : nya, Gan…..?

Nyi Nendita        : éta pangnaheurkeun cai keur si Papih…..

Zijach                  : mangga, Gan……!

Nyi Nendita        : Pih, kumaha di London téh? bérés teu ténder jeung si Michael téh?

Papih               : Nya atuh, sanés Papih ngaranna lamun teu suksés mah! malahan mah, tuan Michael memperpanjang deui kontrak kerja jeung urang, cenah Burger jéngkol nu diproduksi ku urang loba peminatna!

Nyi Nendita        : Wah, alus atuh Pih! teu hanjakal mamih kawin jeung papih téh atuh….

Zijach                  : gan itu caina parantos siap!!!

Papih               : mih papih mandi heula nya,, eh jah sakalian pang cokotkeun anduk di lantai 7 make lift we nyokotna

Zijach                  : mangga gan!!

Miemoda              : Assalamu’alaikum Wr. Wb.…………., mamih…..3x. Miemoda tos mulang sakola yeuh..!

Nyi Nendita        : Éh, anak mamih nu panggantengna tos mulang gening!! kumaha tadi di sakola téh?

Miemoda              : Ih……mamih….!tadi Miemoda di lédék ku babaturan Miemoda, cenah sapatu Miemoda mah geus katinggaleun jaman….babaturan Miemoda ayeuna boga sapatu buatan Amerika.

Nyi Nendita        : Aduh….., kurang ajar pisan éta barudak téh! geus tong sieun ké ku Mamih dipangmeulikeun sapatu buatan ti Cibaduyut tina kulit buaya. éh, ké heula kétang! apan korét téh pangkal kaya! can jebol mah moal pang meulikeun ku Mamih,paké heula wé nu éta! tuh si Papih geus mulang ti London!

Miemoda              : Oh, Papih tos mulang ti London, mih? asyik….pasti nyandak oléh-oléh nu loba euy!!

Miemoda              : Papih…….3x, meunang naon ti London téh? aya oléh-oléh teu keur Miemoda?

Papih               : Ah…, di Londonna gé euweuh nanaon! sarua wé jeung di Indonésia, euwueuh nu anéh. Kalah wé hargana nu mararahal!

Miemoda              : Jadi Papih mawa naon atuh?

Papih               : Nya éta wé mawa jéngkol London sakarung.

Miemoda              : Jéngkol deui….jéngkol deui! cenah wé jalma beunghar! ari dahar jeung jéngkol!

Papih               : Éh, manéh tong ngomong kitu! mun euweuh jéngkol manéh moal bisa sakola.

(Nyi Nendita nyampeurkeun).

Nyi Nendita        : Aya naon ieu téh? gawé téh guntreng waé!

Miemoda              : Mih, maenya jauh-jauh ka London gera! ari oléh-oléhna jéngkol deui, jéngkol deui!

Nyi Nendita        : Eh, tong salah! jéngkol London téh ngeunah pisan…..! ké ku Mamih pang nyieunkeun semur jéngkol special rasa strawberi keur Miemoda.

Miemoda              : Ah, mamih mah saruana jeung si papih!

(si Miemoda ngaléos).

Papih               : Eh, rék kamana deui? kakara datang langsung indit deui!

Miemoda              : rék ulin ah ka babaturan!! lieur di imah waé!! bau jéngkol!!

Papih               : Budak téh ulin wéh jeung ulin waé!! lain  ngabantuan kolot!


Babak II

Di jalan, si Miemoda panggih jeung si Sungkarr, Nantri, jeung Vitrie keur arulin catur di pinggir jalan.

Vitrie                 : A Miemoda!

Sungkarr               : Mod, rék kamana manéh?

Miemoda              : rék ulin wéh, néangan batur!

Sungkarr               : cenah Bapa manéh karék balik ti London euy! mawa oléh-oléh atuh?

Miemoda              : nya geus tangtu atuh! urang dipangmeulikeun sapatu buatan London asli……….

Sungkarr               : wah, pasti alus pisan atuh!

Nantri               : Miemoda mah bagja pisan nya boga kolot nu benghar!

Miemoda              : Nya geus tangtu atuh, iyéy……..!

Nantri                : mana atuh oléh-oléh kanggo Nantri?

Miemoda              : ah…, hilap! pami hoyong mah, tuh di bumi seueur jéngkol London.

Sungkarr               : aduh, hayang atuh urang, Mod! pasti pééd pisan meureunan nya?!

Miemoda              : tapi keur manéh mah sasiki baénya?

Sungkarr               : Ah, manéh mah dasar korét.

Miemoda              : Manéh tong loba-loba dahar jéngkol euy! bisi jéngkoleun!!

Miemoda              : nya geus atuh urang rek balik heula, nyiapkeun hadiah keur Nantri.

Miemoda              : Sungkarr kadieu heula, kumaha geus disalamkeun acan ka si Nantri teh?

Sungkarr               : beres atuh mod!!

Babak III

Si Miemoda balik ka imah. Manéhna ka dapur néangan jéngkol keur Nantri. Tuluy manéhna ngérésékan jéngkol nepi ka adina datang.

Munaroh                 : keur naon manéh?

Miemoda              : keur ngérésékan jéngkol.

Munaroh                 : jéngkol keur saha?

Miemoda              : keur Nantrilah……

Munaroh                 : rék naon manéh bura-béré ka si éta! Pikasebeleun jelema na gé! Béjakeun ka si Mamih, siah! Mamih…..mamih…..( si Munaroh ngageroan indungna).

Nyi Nendita        : Naon Munaroh….? siga di leuweung waé ngomong téh!

Munaroh                 : Eta gera tingali si Aa, ngérésékan jéngkol mani loba keur si Nantri.

Nyi Nendita          : Eh….budak téh! Ulah….ulah………! sia mah barang béré ka batur! Batur gé tara méré ka urang!sing inget atuh! Korét pangkal kaya…….!

Miemoda              : baé atuh mih, da loba lin?

Nyi Nendita        : loba-loba ogé, béak mun dibikeun ka batur mah!

Miemoda              : ah, si Mamih mah korét!

Nyi Nendita        : mun teu kitu mah! Sia ogé moal bisa dahar! Sing inget…korét téh pangkal kaya! Eh..eh! geus éta kaluarkeun deui jéngkolna!

( Nyi Nendita mangkat, bari kukulutus : ’dasar budak leutik teunyaho apan? Korét téh pangkal kaya!)

Babak IV

Disagédéngeun éta, aya hiji kulawarga anu kaayaanana patukang tonggong jeung kulawarga Nyi Nendita. Imahna ogé mung saukur imah leutik, nu témbokna ogé can ditémbok-témbok acan. Pokona mah jauh ti imah nu layak ditempatan.

Ma Ipah           : Bah….kumaha atuh ieu téh? Ema mah mani aréra ka guru si Jamilah. Ayeuna si Jamilah geus tilu bulan nunggak can bayaran, terus hutang kasasaha. Can deui anu diwarung bi Kokom mah!

Abah               : Nya kumaha atuh, Ma? Da kabeneran usaha Abah keur tiiseun, komo ayeuna mah keur usum hujan! Pan Es Cendol Elisabet mah teu cocok dijualan mangsa keur usum hujan, lin? Nya urang ihtiar sakuat tanaga heula wéh!

Ma Ipah           : Kudu ihtiar naon deui atuh, Bah? Ingon-ingon geus béak dijualan, keur dahar sapopoé. Boga tatangga beunghar teu bisa di andalkeun. Sigana téh Nyi Nendita sakulawarga  mah meureun teu boga haté nya, bah? Maenya aya tatangga kalaparan teu naglieuk-ngalieuk acan! Boro-boro méré, ngahutangkeun gé teu méré!

Abah                 : geus atuh ambu, urang téh keur mah geus susah dunya téh, tos nepi susah ahérat atuh! Geus, ulah ngomongkeun batur, keun wé da éta mah keur maranéhanana sorangan.

Jamilah            : Assalamu’alaikum Wr. Wb.………., Ma….Abah….! Jamilah meunang surat ti sakola.

Abah               : surat naon, neng?

Ma Ipah           : ah, si Abah mah sok pura-pura baé! Nya pastina ogé surat nitah mayar atuh! Pan apal meureun, si Jamilah geus tilu bulan nunggak SPP.

Jamilah            : Ma….Bah…., Jamilah éra ku babaturan. Jamilah sok di lédék waé ku babaturan, cenah mah geus wé teu boga duit mah tong sakola!

Ma Ipah           : Innalillahi…Abah, nya kudu kumaha atuh? Ema mah geus teu sanggup deui ngalakonan kahirupan téh! Duh, meuni kieu-kieu teuing hirup téh, Bah!hiks…hiks….

Abah               : Istigfar.., ambu….istigfar…..! yeuh, dimana-mana ogé Gusti mah moal ngantepkeun mahlukna sangsara, insyaAlloh pasti rejeki mah bakal datang ti panto nu moal disangka-sangka. Tapi urang kudu usaha anu sakuat tanaga heula.

Ma Ipah           : nya usaha naon dieu atuh, bah? Pan apal meureun  abah gé! Urang ayeuna geus teu boga nanaon deui keur jualkeuneun!

Abah                 : ké, ambu! Abah rék nyobaan ngalamar gawé ka Ny Endit., sugan wé butuheun tukang kebon.

Ma Ipah           : atuh éta sarua baé jeung bohong! Pan apal meureun sifat meditna ogé euweuh nu nandingan?

Abah               : Atuh, Ambu! Urang téh ’ulah kuméok saméméh dipacok’, sok sanajan Abah geus apal ka Nyi Nendita kumaha, nya sugan wé jeung sugan aya hidayat ti Gusti Alloh.

Ma Ipah           : nya éta mah terserah Abah wé lah!

Jamilah             : Ma, Bah, geus waélah mémang Jamilah geus kudu eureun sakola, Jamilah mending milu jeung mang iwan ka Jakarta. Lumayan jadi pembantu-pembantu ogé, pan di Jakarta mah gajihna gedé. Sugan mun balik jadi jalma suksés!

Abah               : Eh entong! Sok sanajan Abah jeung Ema teu boga duit, tapi Jamilah kudu tetep sakola. Kumaha baé carana. Baé tong dipikiran masalah duit mah, keun ku Abah ditarékahan. Sok sanajan sirah dijadikeun suku, suku dijadikeun sirah. Peupeujeuh Abah jeung ema mah teu lulus-lulus acan, nya Jamilah sugan atuh bisa leuwih ti Ema jeung Abah.

Abah               :  Ambu!!

Abah               : Ambu…du’akeun abah  nya…. Ayeuna Abah rék ka imah Nyi Nendita rék ngalamar gawé.

Ambu              : mangga Bah…ngan omat wé lamun rék datang ka Nyi Nendita mah kudu nyiapkeun méntal nu ékstra.

Abah               : Jamilah…du’akeun Abah nya..! Ngarah Jamilah bisa sakola deui saperti biasa.

Jamilah            : Muhun Bah…

Si Abah ninggalkeun imah anu leutik. Saléngkah, dua léngkah nepi ka teu kaitung deui sabaraha léngkah Abah leumpang. Ahirna nepi ka imah Nyi Nendita.

(Tok…tok…tok… bari ngetrok panto si Abah datang pinuh ku harepan)

Nyi Nendita        : Miemoda…! (3x). Éta pangnempokeun di luar aya saha meuni gandéng ngetrok panto téh! Cukup ku sakali wé atuh! Meni lebay pisan! Tapi inget nya Mod! Lamun éta di luar téh pangemis, langsung wé usir tong dibageuran nya! Hiji deui, yén korét téh pangkal kaya hahaha…(Nyi Nendita seuri kuatka geunah)

Miemoda              : Siap Mih! (bari leumpang nyampeurkeun panto)

Abah               : Dén, dupi mamah na aya?

Miemoda              : Oh…aya mang. Dupi aya peryogi naon nya? Mangga atuh kalebet heula, ké ku abi diwartosan heula si Mamahna…

Abah               : Oh..muhun mangga atuh (bari di haténa ”ieu budak téh sopan pisan nya, patukang tonggong pisan jeung indungna”)

Miemoda              : Mih…tuh aya tamu, cenah mah aya perlu ka Mamih.

Nyi Nendita        : emang saha kitu Mod? (mamih nanya panasaran)

Miemoda              : Duka atuh…da Miemoda ogé teu apal.

Nyi Nendita        : saha nya? Rék naon ka dieu?!!

Abah               : Kieu Gan…kaleresan abdi téh nuju peryogi pisan bantosan ti Agan, kaleresan abdi ayeuna nuju nganggur sedengkeun kabutuhan hirup kudu terus dicumponan, intina mah…abdi dongkap ka dieu téh badé ngalamar gawé.

Nyi Nendita         : Oh…rék ngalamar gawé? Sugan téh rék nginjeum duit! Nyaho teu? Di dieu mah euweuh lowongan gawé keur baramaen!!!

Abah               : tapi gan abdi butuh pisan bantosan ti Agan!!

Nyi Nendita        : yeuh teu beunang diomongan maneh mah, kaditu mantog siah!

Abah               : Nya atuh ari kitu mah, hatur nuhun pisan Gan…. Punten pisan tos ngarépotkeun…

Nyi Nendita        : Heueuhlah jug geura indit tong loba bacot!

Sabenerna di jero haté Abah, hayang ceurik. Ceuk pikirna kieu pisan jadi jalma miskin téh, hirup mung jadi saukur mangandeuh nu bisana nyusahkeun batur wungkul.

Léngkah anu tadina karasa hampang ngadadak jadi karasa beurat, pikirna deui kumaha jadina mun tepi di imah ngomong naon ka Jamilah jeung ka Ambu. Léngkah beuki beurat, harepan geus leungit kamana, di imah Ambu jeung Jamilah geus ngarep-ngarep kabar naon nu rék dibawa ku si Abah, sok sanajan si Ambu geus apaleun yén pasti moal mungkin meunang kabar nu alus. Teu pati lila, Abah nepi ka imahna.

Sanggeus kajadian éta, Abah mulai usaha dagang cingcaw. Dina hiji peuting Abah kakara balik dagang cingcaw.

Abah               : Assalamu’alaikum Wr. Wb.…

Ambu              : Wa’alaikumsalam…

Abah               : kamana si Jamilah?

Ambu                : Tos peureum Bah ti sanggeus isya. Kumaha dagang cingcaw teh Bah? (bari ngasongkeun sacangkir kopi )

Abah               : Hampura nya…céndol téh teu pati payu, itu aya kénéh sabuleng…

Ambu              : Oh…. Teu ku nanaon atuh Bah, meureun emang sakitu rizkina. Ari tadi Abah mawa sabaraha sabuleng?

Abah               : sabuleng…(pasemon nu tiis)

Vitrie                 : Abah Fit, hoyong emam!

Abah               : kutan, ambu si neng teu acan emam?

Ambu              : Fit pan tadi teh entos emam?

Vitrie                 : atuh ambu da masih lapar kenenh.

Ambu              : Fit entos atuh pan itu aya sapiring oge keur si abah!

Abah               : neng kadieu atuh dihuapan ku abah!

Aambu            : abah pan abah can dieusian nanaon ti isuk oge, ngan ngaleueut cai herang wungkul sagelas.

Abah               : ah keun wae ambu abah mah masih kuat, ieu karunya si Vitrie bisi teu tibra bobona.

Abah               : anggursi, ambu itu pang mindahkeun dagangan abah ka jero imah nya!

Babak V

Kacaritakeun di Imah Nyi Nendita, si Miemoda jeung Munaroh keur balakecrakan dahar. Nya maklum da poé  harita téh poé minggu. Sok sanajan biasana poé minggu téh dipaké beberesih imah, tapi ku sabab Nyi Nendita mah boga pembantu jadi gawé sakulawarga téh senang-seneng waé. Teu pati lila datang si Sungkarr jeung si Nantri babaturanna si Miemoda.

Sungkarr               : punten..punten..punten

Miemoda              : mangga, eh Sungkarr asup kar!

Sungkarr               : kieu mod, kamari téh hadiah keur si Nantri geus di bikeun ku dewék tapi….

Miemoda              : terus..terus…! (motong omongan si Sungkarr)

Sungkarr               : sabenerna mah si Nantri ogé jigana aya hate ka Miemoda téh. Ngan si Nantri  ngahanjakalkeun naha maké nitah batur sagala, heunteu ku sorangan.

Miemoda              : atuh kumaha jang, pan apal meureun Miemoda eraan, komo lamun deukeut jeung awéwé mah, sok ngadadak kaluar kesang badag kesang lembut.

Sungkarr               : Ah maneh mah nanaon ogé perlu kawani, da lamun teu kitu mah mana atuh anu ngaranna pangorbanan. Komo ieu mah keur jalma anu dipikanyaah jeung nu dipadeudeuh ku Miemoda.

Keur serius ngomongkeun neng Nantri antara Miemoda jeung Sungkarr, kadengé sora panto aya nu ngetrokan!

Baramaen        : Sampurasun, sampurasun….. Sampurasun….

Miemoda              : Munaroh, itu pangbukakaeun panto jigana mah aya tamu!

Munaroh                 : Ih, si aa mah nitah, bi Zijach tuh pang mukakeun panto!!!

Zijach                  : mangga gan,,,

Baramaen        : neng..pasihan neng…!, ema tos tilu dinten teu acan ngadahar sangu!

Miemoda              : bi, saha nu datang téh? (si Miemoda nyamperkeun)

Zijach                  : baramaen den!!!

Miemoda              : oh nya keun ke ku Miemoda urang pasihan,,,

Miemoda              : punten, mak mung sakieu hatur lumayan!

Baramaen        : hatur nuhun pisan den!!!

Munaroh                 : ih ari si aa nanaonan mere ka baramaen, ke bisi deudeuieun datang ka imah urang deui.

Munaroh                 : awas ah….. ku Munaroh di bejakeun ka si mamih geura!!! Lamun aa geus méré ka anu ngemis. (bari nyampeurkeun Nyi Nendita, rék laporan ceunah mah).

Sungkarr                 : tah Miemoda, ieu anu alus dimanéh téh!!! Sok sanajan indung manéh meditna geus kasohor ka manca nagara, tapi manéh mah béda pisan jeung indung manéh téh! Jigana hal éta anu ngalantarankeun si Nantri reuseupeun ka émod téh!

Miemoda                : ah,,, manéh mah bisa waé jang!!!

Nyi Nendita        : Heh…. Miemoda ari manéh nanaonan méré duit ka nu ngemis? Kawas bisa ngala duit baé. Apal teu yeuh ari jaman kiwari  mah neangan duit hésé. Apan ceuk mamih ogé korét téh pangkal kaya,  inget teu?

Miemoda              : atuh mih,,, da Miemoda mah teu téh tega nempo Emak-emak meni geus teu walakaya kitu. Da bari na ogé duit anu dibikeun ku Miemoda mah éta téh duit jajan Miemoda.

Nyi Nendita        : pokona mah teu hayang nyaho, awas lamun sakali-kali deui méréan kanu ngemis! Duit jajan manéh ku Mamih bakal dipotong.

Papih               : aya naon atuh, asa mani raribut kieu!

Nyi Nendita        : éta geura Papih, si Miemoda méré duit ka nu ngemis, kawas bisa ngala duit waé.

Papih               : Alah…sugan téh aya naon. Baé waé atuh Mamih! Itung-itung sedekah… Pan urang téh jarang méré sidekah ka pakir miskin.

Nyi Nendita        : Euleuh-euleuh ari si Papih! Kaasupan jurig naon??? Kuat ka hayang sidekah sagala! Geus ah!! Mamih rék ka salon heula geus tilu poé yeuh can di pédi-médi. (bari indit ngaléos)

Papih               : Dasar awéwé! Gawé téh teu ka emol balanja, nya ka salon! Méakkeun duit waé!!!

Babak VI

Isuk-isuk keneh geus aya bi Eha, keur sasapu di pakarangana, manehna teh katelah si ratu gosip, pas aya bi juju langsung wae manehna ngajak ngagosip jeung bi juju!!!

Warga 1           : kokom, kokom,,,

Warga 2           : aya naon bi Eha?!

Warga 1           : eh hayang gosip anu hot teu???

Warga 2           : emang gosip naon kitu, bi Eha mah masih isuk keneh geus ngagosip,,,,

Warga 1           : ih,,, atuh lain bi Eha ngarana lamun henteu ngagosip mah, hehe…

Warga 2           : heueuh lah, da maneh mah ratu gosip sadunya! Mang gosip naon kitu???

Warga 1           : eta, salaki Nyi Nendita mang Jana!!!

Warga 2           : nya kunaon kitu mang Jana???

Warga 1           : kamari basa kuring balik ti pasar ningali mang jana dicarekan beak karep ku Nyi Nendita, ceunah mah mang Jana teh rek ngalamar gawe ka Nyi Nendita, tapi apal teu di kumahakeun ku Nyi Nenditana??

Warga 2           : emang di kumhakeun kitu bi? Nanya panasaran

Warga 1           : eta mang jana geura disebut baramaen ku Nyi Nendita!!!

Warga 2           : eleuh mani tega pisan nya eta Nyi Nendita.

Warga 2           : alah siah, urang poho keur masak pindang di dapur, urang balik heula atuh bisi katutungan…

Babak VII

Isukanana, di imah Nyi Nendita aya acara sukuran mangrupa pésta nu meriah. Ngan tamu anu beunghar hungkul nu bisa datang ka pésta éta.

Tuluy, dina poé nu sarua, Jamilah teu bisa barangdahar nanaon ku sabab euweuh dahareun saeutik-eutik acan. Kacida patukang tonggong jeung pésta nu diayakeun ku Nyi Nendita. Abah nu teu téga ningali anakna nu kalaparan maksakeun datang ka Nyi Nendita.

Saacan indit, Ambu nanya ka Abah nu geus  dihina ku Nyi Nendita, tapi abah nékad ménta tulung ka Nyi Nendita demi anakna nu dipikanyaah.

Di imah Nyi Nendita, Abah papanggih jeung salakina Nyi Nendita.

Papih               : Eh Abah, kumaha damang?

Abah               : Alhamdulilah séhat, tapi…

Papih               : Tapi naon Bah?? (nanya panasaran bari kerung)

Abah               : Saleresna abdi téh isin upami ngdugikeun kaayaan ayeuna téh, kumargi ayeuna pun bojo jeung pun anak téh geus sababaraha poé teu kaparaban. Dagang céndol teu pajeng waé. Ku kituna, isin teu isin abdi hoyong neda pitulung ka Bapa sangkan pun anak jeung pun bojo tiasa ngaraosan deui nu namina sangu.

Ngadangu kitu si Papih éra ningali sasamana teu bisa dahar sabaraha poé sedengkeun salila ieu kulawargana miceunan duit sangeunahna. Tuluy manéhna ngaléos mawa dahareun keur si Abah. Nalika kitu, Nyi Nendita datang ningali si Abah.

Nyi Nendita        : Rék naon deu manéh ka dieu? Apal teu, ieu acara téh keur jalma-jalma nu beunghar hungkul. Manéh mah teu pantes datang ka dieu. Eh..eh..eh..nincakkeun suku ogé geus haram hukumna!

Abah               : Astagfirullah…meni téga Agan nyarios sapertos kitu! Naha Agan téga ningali kulawarga abdi teu tuanng sababaraha dinten? Ayeuna anak jeung pun bojo téh nuju ngantosan di bumi bari ngaharepkeun abdi nyandak tuangeun kanggo ngaganjel patuangan.

Nyi Nendita        : Dasar baramaen! Bisa na ngan ménta-ménta! Abong jalma teu gableg ka éra! Naha éta boga kulit beungeut téh meni kandel-kandel teuing!!!

(Nalika Nyi Nendita ngahina Abah, si Papih datang bari mawa sangu jeung sapuratina nu geus dibungkus)

Nyi Nendita        : Tuh geningan dahareun manéh geus datang! Tah lebok ku sia!!! (Nyi Nendita ngalungkeun dahareunana)

Abah langsung ninggalkeun imah Nyi Nendita bari mawa batin nu kanyenyeri. Sapanjanng jalan Abah  istighfar bari ngado’a ka Gusti sangkan kabeungharan nu dipiboga ku Nyi Nendita bisa méré hidayah ka manéhna.

Babak VIII

Dua poé sanggeus éta, halodo panjang ngadatangan lembur éta. Sawah gararing, taneuh bareulah nepi ka euweuh tatangkalan anu héjo deui.

Di imah Abah, nalika abah jeung Ambu ngobrol, aya anu keketrok. pas di buka aya saurang aki-aki.

Aki-aki            : Assalamu’alaikum Wr. Wb.…

Abah               : Wa’alaikumsalam…, mangga calik ki, aya kaperyogian naon nya? dupi tiasa dibantos?

Aki-aki            : Kieu, aki téh tos mapah tebih pisan…dina hawa nu panas kieu aki téh ngaraos capé jeung  haus dupi aki nyuhunkeun cai kanggo ngicalkeun kahaus ieu?

Abah               : Muhun…muhun mangga atuh aki… Ambu…punten pangnyandakkeun cai kanggo aki.

Ambu              : (ngaharéwos) Ari si Abah, pan ayeuna téh keur halodo jeung cai téh keur hésé, eukeur mah hésé ieu di dapur tinggal satéko deui.

Abah               : Ambu…dangukeun abah nya…ari rizki mah moal kamana da sagalana ogé geus aya nu ngatur urang pasrahkeun baé wé ka Gusti Alloh. Sok atuh énggal candak, karunya aki tos hauseun urang mah engké wé deui…

Ambu              : Enya atuh Bah…mangga (ngeluk tungkul bari indit mawa cai)

(teu lila Ambu datang bari mawa cai nu ukur satéko leutik deui)

Ambu              : Aki,,,ieu mangga nyanggakeun, hapunteun mung aya cai wungkul,, ma’klum di dieu mah katuangeun téh hésé.

Aki                  : Hatur nuhun teu sawios-wios. kieu nya…Aki datang kadieu téh lain nganjang wungkul, tapi aki rék ngabéjaan yén ieu halodo téh masih panjang.

Abah               : alus atuh nya Ki!! lamun kitu mah céndol téh bakal payu terus atuh…

Aki                  : éh…ari manéh, pan nanaon  téh merlukeun cai. ari manéh rék ngala cai dimana pan ngaranna ogé usum halodo?!!

Abah               : Oh…heueuh nya? (abah tungkul)

Aki                  : Ceuk aki mah, mening ayeuna mah pindah ti ieu tempat ka anu leuwih genah tuluy néang pakasaban séjén. tah kitu wé ayeuna aki rék neruskeun deui lalampahan aki. Assalamu’alaikum Wr. Wb.…

Abah               : Wa’alaikumsalam… ambu…

Sanggeus aya aki ka imahna abah teu bisa sare sapeupeuting terus mikiran uucapan si aki tadi berang, poe isukanana.

Ambu              : aya naon bah, gawe teh ngan huleung jentul bae?

Abah               : ambu kamari teh si aki ngomong yen di kampung urang teh bakal kacadian halodo anu kacida panjangna, ku kitunasanggeus dipikaran ku abah ayeuna mah urang balik we ka lembur urang nu baheula.

Jamilah            : abah, ambu kumaha SPP Jamilah teh. Jamilah er ku babaturan Jamilah sok ngledekan bae.

Vitrie                 : ambu hayang jajan!

Abah               : Jamilah, Vitrie dangukeun abah. Sigana mah yrang kedah pindah ti ieu lembur kusabab aya nu mere beja yren usum halodo teh masih panjang pisan.

Abah               : ambu geura ajakan tah barudak beberes di kamer, abah rek ngaberesan parabotan.

Ambu              : nya bah!

Abah sakulawarga pindah di lembur aslina di legok hangseur. sedengkeun di imah, Nyi Nendita nyalsé ngani’matan hartana.

Babak IX

(Munaroh nu keur di tukangeun imah ngageroan Nyi Nendita)

Munaroh                 : Mamih…(3x)

Nyi Nendita        : Naon Munaroh? meni gogorowokan wéh pagawéan téh!

Munaroh                 : Ari itu saha nu keur ngala cai ti sumur urang?

Nyi Nendita        : hey…aki-akin péot, keur naon di dinya?

aki                   : Aki ngan ménta cai saeutik. aki haus geus jalan jauh.

Nyi Nendita        : Ah! saha nu paduli. (ngadorong si aki nepi ka labuh ngagudubrag)

(Aki hudang deui bari jag-jag)

Aki                  : tinggalikeun Nyi Nendita naon nu rék katarima ku kalakuan manaéh salila ieu (aki bari nunjuk ku iteuk nu di bawana)

Teu lila ti dinya sumur jadi pinuh, cai terus mudal.

Nyi Nendita        : Aki, meni bageur méré cai loba hahaha…(aki geus ngaleungit)

Munaroh                 : Mih, si Aki ngaleungit!

Nyi Nendita        : ah baé teu paduli. ayeuna nu penting mah urang boga cai loba jeung moal kahalodoan deui.

Munaroh                 : oh…heueuh nya?!

(Nyi Nendita jeung Munaroh seuseurian)

Munaroh                 : Mih…naha éta cai téh teu eureun-eureun? beuki dieu beuiki loba?!

Nyi Nendita        : Eh, heueuh nya? alah siah Roh! kumaha kalahka jadi banjir kieu. Aduh….itu korsi mahal jeung stok jéngkol ti gudang jadi kakeueum… alah…kotah emas tina lomari kumaha…?

Demikian artikel contoh naskah drama dalam bahasa Sunda yang mungkin sesuai dengan tema teks drama bahasa Sunda yang Anda butuhkan. Contoh naskah drama bahasa Sunda diatas hanya sebagai bahan pembelajaran, Anda bisa menyesuaikan dengan kebutuhan Anda.

Like / bagikan artikel :

Artikel terkait: